Selasa, 25 November 2014

Pupujian



Pupujian

Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta: (1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.

Conto pupujian pépéling


Éling-éling dulur kabeh

ibadah ulah campoléh

beurang peuting ulah weléh

bisina kaburu paéh


Sabab urang bakal mati

nyawa dipundut ku Gusti

najan raja nyakrawati

teu bisa nyingkirkeun pati

·     Contoh Rarakitan :

      Silih asih



Mihapé sisir jeung minyak,
Kadé kaanloman leungeun,
Mihapé pikir jeung niat,
Kadé kaangsonan dengeun.

Daék sotéh ka Cikonéng,
Ka Cisitu mah teu purun.
Daék sotéh ka Nyi Onéng,
Ka nu itu mah teu purun.

Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.

Hayang teuing buah hiris,
Teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.





         Piwuruk



Lamun dayang dahar noga,
Kudu daék nya meulina.
Lamun haying asup sorga,
Kudu getol nya sholatna.

Lamun urang ka Cikolé,
Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Ti batan mawa pedang,
Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.





         Sésébréd





Aya budak mawa casan,

Ngan hanjakal teu dibeli.

Aya budak gelis pisan,

Ngan hanjakal tara mandi.



Majar manéh cengkéh konéng,

Kulit peuteuy dina nyiru.

Majar manéh lengkéh konéng,

Kulit beuteung mani nambru.



Rarasaan ngala mayang,

Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.

Rarasaan konéng umyang,

Teu nyaho cakeutreuk hideung.



Aya listrik di masigit,

Hanjakal moncor ka kolong.

Aya istri jangkung alit,

Hanjakal tonggongna bolong.


·      Contoh Paparikan:
         Silih asih



Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah téténjoanana.

Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.

Cau ambon dikorangan,
Kanyéré ka pipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awéwé teu mikir-mikir.

Samping hideung dina bilik,
Kumaha nuhurkeunana.
Abdi mineung ka nu balik,
Kumaha nuturkeunana.









      Piwuruk



Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya réncang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.

Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok-ngocok bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

Aya manuk dina pager,
Na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.

Baju kutud heureut pola,
Dikelin teu dijalujur.
Lamun téh cucud sakola,
Arisin balik ka lembur.



        Sésébréd





Cau naon cau naon,

Cau kulutuk di juru.

Bau naon bau naon,

Bau hitut nu di juru.



Itu gunung ieu gunung,

Diadukeun pakbeledug.

Itu pundung ieu pundung,

Marebutkeun mojang budug.



Poé Saptu poé Kemis,

Poé Kemis jeung Jumaah.

Itu saha muril kumis,

Kumisna panjang sabeulah.



Daun hiris dibeungkeutan,

Dibawa ka juru leuit.

Anu geulis ngadeukeutan,

Hayangen dibéré duit.

Contoh Wawangsalan:
-méga beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran. (layung)
-cikur jangkung jahé konéng, naha teu palay tepung. (panglay)
-sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras cimataan. (amis mata)
-gedong tengah laut, ulah kapalang nyabéla. (kapal)
-paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina. (kacip)



3 komentar:

  1. ayam bangkok aduan Live terbesar di indonesia hanya di AGEN BOLAVITA
    Bonus Spesial Happy New Year 2019 Agen Bolavita Akan Memberikan Bonus Deposit IDR 1.000.000,- * Yuk Segera Daftar Di Agen Bolavita Agen Taruhan Online Aman Dan Terpercaya.
    INFO Kontak Kami (24 jam Online):

    BBM: B O L A V I T A
    WA: +62 8 1 2-2 2 2 2-9 9 5
    Line : cs_b o l a v i t a

    BalasHapus
  2. ayam bangkok aduan Live terbesar di indonesia hanya di AGEN BOLAVITA
    Bonus Spesial Happy New Year 2019 Agen Bolavita Akan Memberikan Bonus Deposit IDR 1.000.000,- * Yuk Segera Daftar Di Agen Bolavita Agen Taruhan Online Aman Dan Terpercaya.
    INFO Kontak Kami (24 jam Online):

    BBM: B O L A V I T A
    WA: +62 8 1 2-2 2 2 2-9 9 5
    Line : cs_b o l a v i t a

    BalasHapus